Kata kata bijak orang sunda

Kata kata bijak orang sunda

Kata kata bijak orang sunda | Anjeun miang kaalam kalanggengan taya pangyuga jeung pangdoa honcewang...............
menceriterakan kesedihan di- tinggal ortu yg telah tiada, tanpa ada yg menjaga & mendo'akan



Anjeun indit.......... taya beja jeung carita anu can tangtu panggih da anjeun geus dipiboga cangcaya................
mengisahkan kesedihan di- tinggal seseorang yg telah dimiliki orang lain

Kuring sorangan taya panutan jeung kacintaan taya pangdeudeuh jeung pamuntangan bongan aranjeun mariang ninggalkeun duh diri...............
menceritakan nasib kesendirian tanpa kekasih tanpa pelindung, karena mereka meningalkannya.

Sakapeung hirup teh hayang siga kitu siga kieu kabita ku perkara nu aya di diri batur, padahal hirup nu sabenernamah

hirup nu ayeuna ekeur di jalanan jeung  kahirupan nu bakal di sanghareupan.

Hirup di dunia kaya kaya keur ngumbara  atawa ngaliwat dina hiji jalan, Jero harti  kahirupan dunia ngan saukur samentara  lain kahirupan nu saenyana. Karugian pikeun jalma nu dina hirupna  ngan saukur mkiran isi beuteung  sedengkeun isi hate di popohokeun.

Sakur sakurr manusa nyaeta sato tapi sato  anu berakal.

Babaturan anu boga akhlak goreng, lewih  bahaya tinimbang oray anu beracun.

Kabungah dina hirup teh hak pikeun  sakabeh jalma tapi teu sakeb jalma bisa  meunangkeun kabungah anu saenyana.

Sakapeungmah ari cileuh anu aya dina  mata sorangan teu katempo, sedengkeun  cileuh anu aya dina panon batur kuat ka di  kekeak nepikeun ka batur anu di kekeak  ngarasa kaeraan.

Ulah hariwang dina perkara rizki anu can ka sorang, sabab rizki ti pangeran bakal pegat lamunmah nyawa anu ngancik dina badan ninggalkeun jasadna

Mulih Kajati mulang Kaasal (semuanya berasal dari Yang Maha Kuasa yang maha murbeng alam, semua orang akan kembali keasalnya).

Dihin pinasti anyar pinanggih (semua kejadian telah ditentukan oleh Yang Maha Kuasa yang selalu menjaga hukum-hukumnya).

Melak cabe jadi cabe melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade melak goreng jadi goreng (Hukum Yang Maha Kuasa adalah selalu menjaga hukum-hukum nya, apa yang ditanam itulah yang dituai, kalau kita menanam kebaikan walaupun sekecil elektron tetep akan dibalas kebaikan pula, kalau kita menanam keburukan maka keburukan pula yang didapat )

Manuk hiber ku jangjangna jalma hirup ku akalna 
(Gunakan akal dalam melangkah, buat apa Yang Maha Kuasa menciptakan akal kalau tidak digunakan sebagai mestinya).

Nimu luang tina burang 
(semua kejadian pasti ada hikmah/manfaatnya apabila kita bisa menyikapinya dengan cara yang positive).

Omat urang kudu bisa ngaji diri 
(kita harus bisa mengkaji diri sendiri jangan suka menyalahkan orang lain)

Urang kudu jadi ajug ulah jadi lilin 
(Jangan sampai kita terbakar oleh ucapan kita, misalnya kita memberikan nasihat yagn baik kepada orang lain tapi dalam kenyataan sehari- hari kita terbakar oleh nasihat-nasihat yang kita berikan kepada orang lain tersebut, seperti layaknya lilin yang memberikan penerangan tapi ikut terbakar abis bersama api yang dihasilkan).

Gunung teu meunang di lebur, sagara teu meunang diruksak, buyut teu meunang di rampak (Sustainable Development ~ 
Gunung tidak boleh dihancurkan, laut tidak boleh dirusak dan sejarah tidak boleh dilupakan… harus serasi dengan alam.).

Tatangkalan dileuweung teh kudu di pupusti 
(Pepohonan di hutan ituh harus di hormati, harus dibedakan istilah dipupusti (dihormati) dengan dipigusti (di Tuhankan) banyak yang salah arti disini).

Leuweung ruksak, cai beak, manusa balangsak (hutan harus dijaga, sumber air harus dimaintain kalo tidak maka manusia akan sengsara).

lihatlah tetes embun yg nyurucud diatas daun..dan pastilah hileud itu akan senang kukucuprakan disana. dan lihatlah pohon yang ting pelenod tertiup angin..dan pastilah tarzan akan merasa atoh gugulantungan disana. begitu pula klo kamu merasa baru terbangun, maka lihatlah air di sumur itu dan cepatlah cuci muka biar cileuh mu tidak ram...etek..

*mikeun ember timbaan ka nu rek mandi aku tlah mencoba kokoreh kedalam hatimu hanya untuk melihat bebenguk perasaanmu, tp aku tak sanggup krn itu hanya membuat jiwaku lungse tak walakaya..meskipun bathin ini tetejeh dan totoker agar aku bisa menggabrug hatimu, tetap saja itu semua sia-sia...biarlah cintaku yg kokoprot ini menjadi saksi dalam pengorbanan cinta dan do'a.......

* melong film rhoma irama nu judulna  PENGORBANAN telah ku Burialkan semua perasaanku  padamu, tp knp kau hanya terdiam  membudek dan membisu...tak sedikitpun  kau utarakan, apalagi kau selatankan,  baratkan dan timurkan... padahal aku  sudah berusaha cingogo disini dari mulai  subuh hingga wanci sariak layung, itu  semua hanya karena aku ingin  mendengarkan hatimu noroweco kepada  jeujeubirk...u...

*cingogo, trus manggul karung bari  nyarekan tiang listrik pada siapa rasa ini harus ku burialkan..??

wahai sang hawa, pernahkah kau  dengarkan suara cacing yang kukurubukan  mengharapkan sekarung nasi..?? spt itulah  aku sekarang, yg lagi ngahodhod perasaan  bagaikan kuya yg merindukan batok..  hingga ingin rasanya hatiku ngadirigdig ke  paleubah hatimu agar kita berdua bisa  berhati-hati...

*melon...g rambu lalu lintas bari naek  angkot Ijinkan hatiku Ajrag2an Menjeubirnya,  betapa emprak hati ini disaat kau  ungkapkan tentang duriat dan raraosan  yg ada di benakmu...sungguh kau membuat  hatiku bungah kagiri-giri, ka sisi, ka gigir,  ka kulon, ka wetan...terasa jiwaku ingin  segera aclok2an ke dalam hatimu...(ngabalangkeun sendal trus lumpat sa  tarikna da sieun nempo nu aclok2an di  kebon )

Geuring nangtung ngalanglayung, sagala  bingung maklum linglung, udud ge puntung  meunang pamulung.. bu'uk di gelung trus  indit ka warung bari manggul karung, geus  kitu nambulan kangkung jeung surawung  handapeun payung... saking ku bingung  hitut oge na jero sarung bari halis kerung.. 
duuuh gustiii... moal kitu eta nu disebut  Jelema Buru...ng ??

* Cingogo bari ngacung jeung babaung perasaan ini terasa ga tangtu, ketika  menenjo kau pulang anting di depan  mataku, hati jadi curinghak nafaspun  terasa sesak... kau begitu mempesona  hingga bathin ini kokosehan pingin sekali  berkenalan, namun apa daya kokod tak  sampai bahkan tidak walayaka..!!! aku  hanya bisa menyampaikan salam sono ku  pada pohon yg ting peulenod, agar ...kau  nyaho bahwa aku sangat ingin  ngagabrugmu...

( ngahuleng na luhur tower ) Alhamdulillah ya Alloh... Akhirnya awak ini  tidak terasa ringseuk again, padahal wanci  kemaren before aku nambulan obat, terasa  banget badan ngahodhod hingga my eyes  burial bunceulik, buricak burinong.. ya Alloh  ternyata Geuring my body lebih kejam  daripada Sehat Wal Afiat....semoga rasa  sakit ini senantiasa tidak kateterusan  hingga a...khir hayat memisahkan raga dan  hitutku...

( nambulan martabak da bales dendam ) titi mangsa tina rumasa, kedal hate  pangjajap rasa,, kedal ati nyu'uh ka gusti,  sujud raga ka nu kawasa, dunya caang lir  ibarat beurang, rasa hariwang moal  kasorang... waruga taya nu boga, tulang  iga taya pangawasa, iwal ti gusti nu maha  suci, simkuring seja sumerah diri....!!!

*nyusut ci panon ku kanebo seLamat POPOEKAN! pastikan sendok &  makanan anda tida SASAB k Lubang  IRUNG anda..WaspadaLah..dLm keadaan  POEK rawan pencurian jatah makanan  oLeh org d dekat anda. SiLakan  KEUKEUPAN jatah mkanan anda..  Lapangkan hati anda trhadap keueplean  PLN ini..nikmati saja. .anda jadi bisa  makan d teras yg CAANG, itung2 PIKNIK  ,atau candLe  Light......diner,ROROMANTISAN.

*maledog PLN bari nyekel daharen da sien  di cokot kunu gigiren nenk..naha bogoh ka aa..?? 
da aa mah  rumaos teu gaduh nanaon, teu gaduh mobil  mercy nu hadiah kuwachi, oge teu gaduh 
becak matic nu matak reumatik...malah  mah teu gaduh beungeut da katutupan  Helm...kunaon atuh ningalikeun wae ka aa  nu euweuh beungeutan.? boa2 nenk teh  resep kana Helm..? moal kitu nenk teh nu  sok maling Helm..? 

*markir...keun motor dina luhur suhunan  bari siap2 ngampihkeun Helm anyar da  sieun leungit  aku bagaikan kuya yang merindukan  batok... akan kah batok itu bisa ku giwing  kembali dalam lahunan ku..?? dan tidakah  kau sadari disaat pohon2 itu ting peulenod  seakan gugupay memanggilmu untuk  kembali kepada lahunan ku..? tidakah kau  dengar gemercik air korobokan yg  kukurubukan mengharapmu ngojay di  dalam nya..? dan tidakah kau denga...r..?? 
( heiii...sugan budek kitu pedah teu  ngadenge wae ) ayang tau kah kamu..disaat aku berada di  depan bebengukmu, lidah ini terasa kaku  seakan ngaletak bubuk semen beton,  bibirku terkunci seakan nambulan gembok,  mata ini tak bisa ting juralit seakan tak  ada lagi yg bisa ku tenjo... aku hanya bisa  terdiam bagaikan patung yg lagi ambeyen.  padahal hati ini sudah keukeujet ingin  rasanya memb...urialkan apa yg aku  rasakan..

*melong suku nu katincak sendal kelom Sok aneh mun Pesbuk geus sirik ka uing,  piraku batur mah Status Hubungan  MELAJANG, na ari uing MENJALANG..? 
kawas ka Ucing nu keur kumincir wae...!!  batur mah Hubungan RUMIT uing  hubungan Jeung DEUDEMIT, nu leuwih  parah batur mah Status SINGLE na ari  uing status GANDA CAMPURAN..apanan  uing teh rek pesbukan lain rek  Badminton... ( nalap...ung Admin Pesbuk ) 
if u believe about duriat this... actualy im  not kungsi litle pun opening my duriat for  menenjo love another.. i hope u can  aclok2an in my duriat sekedar to looking  for apa yg make u fear.. coz little pun no  im sumputkeun from u.please dont cingogo  there, come here and cabaklah my duriat  this, biar u know yen im not walakaya if u  juma...ngkor in my heart. nerekel kana tangkal tower bari  gogorowokan.

“Hirup ngan ukur heheuy jeung dedeuh,  syukuri hirup nalika heheuy atanapi bunga  ngarah kabungah anteng ngancik dina  hate. Jeung deuih tarimakeun hirup nalika  dedeuh atawa susah bari di barengan ku kasabaran ngarah pinuh ku hikmah anu  bisa di jadikeun pelajaran.”

“Kecap manusia ngabogaan harti “Mannusia” jeroning makna nu langkung jerona  nyatana jalma mah ngan saukur katitipan  lain miboga.”

“Cita-cita nyaeta hak pikeun kabeh  manusia, sing keyeung kana naon nu di  tuju tangtu pareng nu di tujuna.”

“Di ajar sabar teh hese da lamun sabar  babari mah moal beut aya manusa anu  cicing dina kasangsaraan.”

“Ayana kasusah dina hiji urusan kupedah ayana kagampilan. Ulah di tempo  kasusahna tapi tempo mah jalan kaluarna  ngarah temu jeung bagjana.”

“Hirup ekeur paeh bakal, sing yakin kana  takdir ti pangeran jeung ulah hariwang teu  di milikan da jangjina pangeranmah yakin  moal sulaya beda jeung jangjina manusa.”

“Hirup ngan ukur heheuy jeung dedeuh,  syukuri hirup nalika heheuy atanapi bunga  ngarah kabungah anteng ngancik dina  hate. Jeung deuih tarimakeun hirup nalika  dedeuh atawa susah bari di barengan ku  kasabaran ngarah pinuh ku hikmah anu  bisa di jadikeun pelajaran.”

“Kecap manusia ngabogaan harti “Mana  nu sia” jeroning makna nu langkung jerona  nyatana jalma mah ngan saukur katitipan  lain miboga.”

“Cita-cita nyaeta hak pikeun kabeh  manusia, sing keyeung kana naon nu di  tuju tangtu pareng nu di tujuna.”

“Di ajar sabar teh hese da lamun sabar  babari mah moal beut aya manusa anu  cicing dina kasangsaraan.”

“Ayana kasusah dina hiji urusan kupedah  ayana kagampilan. Ulah di tempo  kasusahna tapi tempo mah jalan kaluarna  ngarah temu jeung bagjana.”

“Hirup ekeur paeh bakal, sing yakin kana  takdir ti pangeran jeung ulah hariwang teu  di milikan da jangjina pangeranmah yakin  moal sulaya beda jeung jangjina manusa.”

“Seuri bari hate nalangsa adalah ciri-ciri  jalma anu hebat, kuat tur loba jerawat.”

“Cinta nu tulus bersih liribarat kaen sutra  nu anyar di keueuman tujuh poe tujuh  peuting, sanajan ceuk batur bau tapi ceuk  nu resepmah nu penting bersih tur enak ka  tempona.”

“Terkadang Pami Cinta geus melekat tai  Ucing karasa nikmat siga coklat.” 

“Sakabeh perjalanan nu teu di hareupkeun  pasti bakal sae dina palebah tung-tungna  kitu oge lamunmah keur alus milikna.”

“Susah jeung senang dina kahirupan pasti  bakal kasorang salagi jasad jeung roh,  napel ngahji ibarat gula jeung a misna.”

“Istilah barudak ayeuna teu lepas tina  kecap jatuh cinta, numana ngandung harti  tut wuri hayandani (hitut nyeri hayang  deui). Geus puguh jatuh cinta teh nyeri tapi  hayang deui hayang deui.”

Basa Onah ka lemburna (Garut), manéhna  kakara nyaho, yén urang lembur gé geus  loba nu mopohokeun basa Sunda ku cara  ngajak nyarita ku basa Indonésia ka  anak2-na, bari campur aduk jeung basa  Sunda. Saperti caritaan hiji indung ka  anakna, kieu cenah, “Héy jangan lulumpatan di atas sasak,  nanti tiporos!”

Nging téh si budak ceurik diciwit ku  lanceukna, ceuk indungna deui, “Jangan diheureuyan ajah atuh, Ujang!” 
Ma Unéh: “Kapan hajat ngawinkeun Nyi  MIncreung téh sakeudeung deui, Nyi Onah.  Naha geuning can katénjo olah, kuduna  mah geus ngamimitian nyieun ulén, opak,  ranginang, wajit, kolontong, meuyeum  ketan jeung meuyeum cau, nyieun kuéh  saroja nanahaon!”
Onah: “Ah nu kitu mah gampang Ma, ieu  yeuh abdi mah keur riweuh kénéh  nyetatus, ngoméntaran, ngabales  koméntar, ngajempolan status batur, jeung  ganti poto profil dina Pésbuk!” 
Ma Unéh (keuheul): “Heueuh alus, engké téh  sémah nu diondang kabéh suguhan nu kitu  patut wé sakalian, méh teu olok kéjo!” Sardung jeung Onah mah mun keur  pabaeud-baeud sok silih remove akun  Pesbuk, mun geus akur deui silih add deui  (berteman deui).  Terus we kitu jeung kitu, ceuk Si Kucrit tea  mah, “Uyuhan cinggir Si Abah jeung  Si  Ema teu lecet balas hantem-hanteman  dipake pacantel!” 
Sardung: “Baheula mah barang nu  dianggap anéh téh radio, nepi ka tatangga  daratang ka imah nu bogaeun radio, rék  milu ngadéngékeun siaranana.” 
Onah: “Tuluy torojol TV. Najan harita ngan  ukur TV hitam putih, pada ngarogrog ku  nu teu barogaeun.” 
Sardung: “TV geus teu anéh diganti ku  internét. Di mamana boh budak boh kolot  ngan OL jeung OL wé.” 
Onah: “Mun internét geus teu anéh bakal  diganti ku naon nya?” 
Sardung: “Sigana mah bakal balik deui ka  jaman baheula, boh budak boh kolot bakal  ngariung deui hawu bari marubuy sampeu  atawa mareuleum opak.” 
Jenong: “Ema, teu nanaon mun abi boga  kabogoh ka anak band?” 
Onah: “Pék baé, asal ulah ka anak maung  wé, sieun dikerekeb!” 
Sardung: “Pan Abah gé baréto téh kungsi  jadi anak band, Jenong!”
Jenong: “Wah…piraku? Naha atuh kakara  nyarita ayeuna? Abah bagian nyekel naon?  gitar atawa dram?” 
Sardung (bari ngabéléhém): “Bagian nyekel Kecrék!”

Kaayaan dina angkutan kota, kadang-  kadang sok mancing pipasèaeun. Aya  panumpang mayarna kurang, supir tèh sok  langsung hahaok. Kitu deui lamun supir  ngebut sakarep ingsun, panumpang loba nu  ngambek. Tina kaayaan kitu ahirna sok  ngahudang napsu pigeluteun. Sanajan  kaayaan dina angkutan kota kitu, tapi  lamun pamnumpang jeung supir nyaritana  makè sisindiran mah moal kungsi ngondang  pipasèaeun. Upamana baè aya supir  ngebut, panumpang teu kudu ngambek,  cukup ku sisindiran.

Melak suplir makè huut, dibawa ka Cicalèngka, Ari nyupir ulah ngebut, kumaha lamun cilaka? Lantaran panumpang nyaritana makè  sisindiran, atuh supir tèh moal kasigeung. 
Malah langsung ngajawab ku sisindiran  deui.

Kacapanon dina jukut, geus ruksak rèk diomèan. Ku naon abdi bet ngebut, apan keur ngudag setoran. Tuh nya pan aman? Nyarita ku sisindiran  mah ngalantarankeun kaayaan dina jero  angkot jajauheun kana pigeluteun. Sabada diterapkeun otonomi daèrah, asa  mindeng kajadian dèmonstrasi nya? Teu 
sirikna ampir unggal poè aya baè anu  dèmo tèh. Biasana kaayaan dèmo tèh sok  harènghèng. Ngomong pacowong-cowong.  Peureup pabuleud-buleud. Antukna sok  nimbulkeun napsu nu ngagedur. 

Rombongan nu dèmo tèh sok terus patelak  pisik jeung patugas kaamanan. Hoyong  dèmo aman? Cobian geura  cocorowokanana nganggo sisindiran.

Upama aya rombongan PKL dèmo ka Pa  Walikota, pingpinan dèmo dina nepikeun  aspirasi tèh cukup makè sisindiran samodèl

kieu:

Batu ali ti Cimindi, Ngajul gedang makè gantar, Pa Wali tulungan abdi, Ngiring dagang di trotoar. Ngabandungan pingpinan nu dèmo  nyaritana makè sisindiran, Pa Walikota ogè  ngawalerna tèh ku sisindiran deui. Saur Pa 

Wali:

Ti Cililin ka Sumedang, surat kabar na karanjang, Lain Bapa nyarèk dagang, trotoar mah keur nu leumpang. Aya ku kayungyun nya mun enya tèh nu  dèmonstrasi saperti kitu. Di tempat nu loba prèman saperti di  terminal, pigeluteun tèh mani narampeu.

Tapi lamun sarèrèa nyaritana makè  sisindiran mah, dijamin pigeluteun tèh moal  aya. Saperti aya jalma nu katincak sukuna  ku prèman, ari nyaritana ku sisindiran  mah ahirna jadi misobat. Apan ceuk èta 
jalma tèh:

Nginum arak matak weureu, ditotor tinggal sakeclak Mata sia henteu neuleu, suku aing bet katincak. Sanajan pok-pokanana garihal, tapi ari  nepikeunanan makè sisindiran mah asa teu  nyentug kana hatè. Apan èta prèman gè ngajawabna tèh kieu: Saninten buah saninten, Sukajadi pamoroan, Hapunten abdi hapunten, Suku abdi teu panonan.
READ MORE

SHARE THIS

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

X CLOSE
Advertisements
X CLOSE
Advertisements